Selasa, 28 Mei 2013

cerita lucu bahasa sunda I




Geus dua minggu Epot jualan baso ngareupeun imahna. Bubuhan di kampung, nu meuli téh langka. Salila dua minggu dagang, Ngan ukur Nini Uti wungkul nu meuli téh, éta ogé pédah nyiram wé cenah, sieun orokna ngacay majarkeun téh! (teuing reuneuh ku saha? *ngarérét kanu maca)

Nyaho dagangannna réhé, Epot meunang akal sangkan loba nu meuli, manéhna masang plang nu aya tulisan: "ANYEUNA MAYAR, ISUK HARATIS!" cenah. Teu kungsi lila, nu meuli ngantri, ti Mimiti pa érté, wa haji, ma'emeh, si Kardun, Ki madro'i, Nini Uti nu keur reuneuh ogé aya. (masih bingung, teuing reuneuh ku saha? *ngarérét deui kanu maca)

Poé éta kabéh nu meuli malayar. Isukna, daratang deui bari mesen paloba-loba da pikir maranéhna haratis téa. Sanggeus réngsé dalahar, Epot nagihan hiji-hiji. "har?! cenah haratis?" Ceuk pa érté jeung nu séjéna. "dinten anyeuna mah mayar gan, pan haratis sotéh isukan, sidik dina plang ogé 'ANYEUNA MAYAR, ISUK HARATIS!" Ceuk Epot ngajéntrékeun. teu burung kabéhanana malayar najan bari kukulutus ogé. ngan si Nini anu di haratiskeun téh pédah keur kakandungan. (tp teuing reuneuh ku saha?? *ngalieuk kanu maca)

Isukanna, maranéhna daratang deui, mesen paloba-loba da cenah anyeuna mah haratis, réngsé dalahar, Epot nagihan deui. "na ari manéh sarpot??! ceuk manéh kamari mayar anyeuna haratis!!" Ceuk Wa Haji nu kabeneran teu mawa duit da di sangkana haratis téa. "heuheuy deuh, saur saha anyeuna haratis, tuh tingal ku uwa plangna 'ANYEUNA MAYAR ISUK HARATIS!'" Témbal epot bari nunjuk kana plang. "aéh geuning heueuh" Ceuk Wa Haji jiganu bingung. Kapaksa kabéhan malayar, Ngan Nini Uti deui nu bener-bener di haratiskeun téh. "nuhun Cepot nya basona, keur si Utun bisi ngelay, leres teu yank??" Ceuk si Nini bari ngadilak kanu maca.......
(boa-boa si Nini reuneuh téh ku.... *ngarérét deui ku juru mata kanu maca)

Kulantaran kamari nagih hutang ka Epot teu hasil, kapaksa poé ieu Wa Haji mawa saurang jawara pikeun maksa Epot sangkan mayar sakabéh hutang-hutangna­­. "pot, wahayna poé ieu anjeun kudu ngalunasan hutang-hutang anjeun!" Ceuk Wa Haji teges naker. "aduh hapunten wa, abdi teu acan tiasa mayar dinten anyeuna mah nun" Jawab Epot ngalengis pikarunyaeun. "hmmm!! kapaksa kuring maké cara lain! baron, kahareup!" Ceuk Wa Haji bari ngarérét ka jawara nu boga ngaran Baron. Jleg, Jleg, Si Baron anu boga pangawakan jangkung gedé, beungeut pinuh ku codét tur kumis baplang sangadulang, ngaléngkah ka hareupeun Epot. Bari leungeun di tekuk kana gado, Teu antaparah..... pok manéhna nyarita. "idiiiihhhh mang copeeett eh, mang epoooootttt,,, bayar doooonggg, kalo engga nanti sama ékeu di sdoooooottt,, croooooottt" Cenah, bari bujur di gitek-gitek kawas éntog nu rék ngendog.

Budak téh keur meujeuh lucu-lucuna, tirilik kaditu, tiririk kadieu matak gereget anu nempo. Sholéh, najan euweuh indung bapana, tara rungsing, komo deui jejebris ménta jajan mah, asa pamohalan teuing. dina barangdahar ogé istuning sakapanggihna, atawa sapaméréana ti batur.
Pabeubeurang manéhna ulin sorangan, nyo'o balon meunang manggih ti sisi solokan. Béda jeung budak jalma, beunghar nu sapopoé ulin jeung mangrupa kaulinan anu aralus, marahal. Tong boroning momobilan anu alus, dalah baju ogé manéhna mah tara katempo ganti-ganti acan. éta jeung éta wé unggal poé. Balon téh di toélan, sakapeung katajong teu kahaja, Tuluy di udag deui bari sakapeung di gégél jiganu gemes. Harita kaayaan rada ceudeum, angin ngagelebug gedé naker, éta balon anu keur di ulinkeun hiber ka bawa angin, tuluy ragrag kana sumur nu teu jauh ti manéhna. Heueuh dasar budak nu teu boga uteuk kawas urang, teu nyaho picalakaeun. Samarukna balon ragrag téh ngajak ulin meureun, na ari gajleng téh manéhna luncat kana jero sumur anu sakitu jerona, ngudag balon coco'oanna téa. Kaayaan keur sepi jempling euweuh jalma saurang-urang acan nu.ngadéngéeun manéhna jejeritan nepika lesna teu kadéngé deui. Hiks... (ké heula, Admin nyusut heula cimana nu ngalémbéréh tina ceuli..)
Tilu poé ti harita, kuring ngaliwat ka lebah dinya, léngkah kuring ngarandeg sabab aya hiliwir bau bangké nu nojos seukeut pisan kana irung. Sanggeus kapanggih timana asalna éta bau, "astagfirulloh?­­­?!!" Batin kuring bari mencrong ka jero sumur. Singkat carita éta layon ku kuring di angkat, tuluy di kubur sakumaha ilaharna. Da teu nyaho saha ngaranna, kapaksa dina tetengger kuburannana ku kuring di tulis saayana. "ANAK UCING" (Serieus pisan atuh maca téh!!  )
Epot, Ocih jeung si Ucil keur ngantri bari nyarekelan piring hareupeun méja parasman di tempat tatanggana basa keur hajatan. Di hareupeun maranéhna, Aya saurang Nini-nini nu keur anteng ngocék-ngocék sayur sop. "énggal atuh ni, nu sanés tos cangkeuleun ngantosan, barina gé tos teu aya dagingan hayoh wé di kocék-kocék" Ceuk Epot bangun nu kesel. "nini mah lain néangan dagingna deuleu!" Témbal si Nini rada nyereng. "nya milarian naonna atuh hayoh wé di aduk-aduk?!" Pokna deui bari kerung. "nini keur néangan huntu palsu tadi rag-rag kana ieu sop!" Jawab Si Nini bari tuluy di rampaan ku leungeunna.

Pabeubeurang balik sakola, si Ucil langsung manggul karung jeung ngajingjing arit, geusan ngala parab keur domba kukutannana. Keur jongjon ngababad jukut di sisi walungan, Ngadadak si Ucil ngarandeg, beuteungna karasa kukurubukan ménta eusi, manéhna poho tadi balik sakola teu kungsi dahar heula. Panonna rurat-rérét ka sabudeureunana,­ sugan jeung sugan aya bubuahan nu bisa di dahar keur maraban cacing dina jero beuteungna. Barang ngarérét kana cai walungan, si Ucil curinghak. "anjir! Aya cau palid hiji euy! Lumayan lah keur ubar lapar!" Cenah, kituna téh bari buru-buru turun, tuluy ngagajleng kana leuwi néwak barang nu di sangkana cau téa. Barang gep di cekel, si Ucil langsung ngocéak. "jadddooolll!!!­ Panya aing cau, sia téh hég ngomong atuh, aing téh tai kituh lain cau!!" Pokna bari ti buburanyat hanjat deui.
Ucil: "wa, néng Rina aya?
Wa Haji: "nya deuk naon kitu nanyakeun anak déwék??
Ucil: "badé di ajak ameng wa..
Wa Haji: "euweuh, rék naon barina ogé sina ulin jeung manéh!
Ucil: "owh.. panya téh aya wa, boro uing geus nyiapkeun motor ninja, ngaboking réstoran jeung ngaborong martabak keur uwa.. (bari rék ngaléos)
Wa Haji: "aéh, tong di anggap serieus atuh jang, uwa mah da heureuy.. nyaiiii!! kadieu geulis, tuh si Aa Ucil rék ngajak ameng cenah..!!
Ucil: "teu sawios-wios wa, da abdi ogé heureuy nyarios kitu téh! (tuluy ngaléos bari ngaléng néng Rina)
Wa Haji: "@#%&???


Ucil: "ned, timana euy?
Juned: "geus apél ngan teu jadi..
Ucil: "euh geuning sarua jeung uing, rék apél teu jadi...
Juned: "naha manéh teu jadi?
Ucil: "karék ogé uing diuk jeung manéhna, éh aya jalma muka jandéla ti luar, uing kabur wé da bisi salakina euy.. ari manéh naha teu jadi ned?
Juned: "puguh urang gé karék rék asup tina jandela, nempo aya lalaki keur diuk dina sofa jeung manéhna, urang kabur da bisi salakina..
Ucil: "ari manéh apél ka saha kitu?
Juned: "Nini Uti...
Ucil: "geuning sarua.....
(tungtungna mah duanana ting haruleng..)

Saurang pilot tagiwur sabab kapal ngapungna leungit kasaimbangan. Keur ngurangan beban, si pilot miceun péstolna ka handap, tuluy miceun bedil panjangana, angger karasa beurat kénéh, ahirna si pilot miceun bomna nepika éta kapal karasa énténg tur bisa ngadarat sakumaha ilaharna. Êta pilot salamet, tuluy manéhna balik. Di satengahing jalan, manéhna nempo saurang budak keur ceurik bari ngagugulung bangké hayam. "ku naon ceurik jang?" Ceuk si Pilot nanya. "hayam abi paéh katinggang péstol ti luhur" Cenah jawabna. Si pilot ménta hampura ka éta budak tuluy leumpang deui sanggeus méré duit sababaraha lambar. Teu kungsi lila, manéhna nempo deui saurang budak keur ceurik bari ngagugulung embéna nu keur sakarat. "aya naon jang?" Tanyana deui panasaran. "ieu pa, embé abi katinggal bedil panjang ti luhur" Témbalna jiga nu sedih. Si Pilot ménta hampura, song méré duit sababaraha lambar tuluy manéhna leumpang deui. Teu jauh tidinya, manéhna nempo saurang budak nu keur seuri babarakatakan jiga nu meunang ka bungah. "jang, kunaon seuseurian??" Tanya si pilot bangun nu héran. "hahahahaha,, uing mah jagoan mang, tadi pas uing bersin, imah uing langsung ngabeledug!" Ceuk éta budak nu teu lian nyaéta si Ucil bari nunjuk imahna nu ancur paburantak.
Nini Uti: "geus timana jang, meni ginding kitu?
Ucil: "atos ameng ti bumi pa Lurah ni..
Nini Uti: "kawas nu wawuh wé ka pa lurah manéh?!
Ucil: "ih ari nini, panan pa lurah téh dulur uing!
Nini Uti: "baruk? kutantéh?! kakarék apal nini mah, kapi naon kitu ka pa lurah téh??
Ucil: "kieu ni pancakakina mah, Ucing uing téh anakna Ucing pa lurah.. (bari ngaléos)
Nini Uti: "@#%&?? nya ceuk aing ogé budak éta mah gelo..... (neureuy sisig)

Balik juma’ahan Epot langsung ka dapur, tuluy nyampeurkeun Ocih anu keur nyiksikan bawang dina talenan.
Ocih : kunaon kang, balik ti masjid teh halaka siga aya anu dipikiran...
Epot : heu’euh nyi, dina pikiran akang masih keneh ka ingetan isi hotbah tadi....
Ocih : naon kitu isi hotbahna kang?
Epot : masalah perkawinan nyi..
Ocih : tah kitu regepkeun ari kiayi hotbah teh, anu aya dina pikiran akang naon kitu ?
Epot : kieu nyi, asana mah nu hotbah teh nyebutkeun kieu yeuh “Mun Urang Geus Ngalaksanakeun Perkawinan Berarti Urang Teh Geus Ngalaksanakeun Setengah Tina Ajaran Agama Islam...” tah eta anu napel dina pikiran akang teh meni ngahiung keneh teh....
Ocih : terus..... naon kasimpulanana ?
Epot : kieu.. akang geus bisa manggihan jawabanana....
Ocih : naon ceuk akang ?
Epot : berarti.... akang kudu kawin sakali deui!, meh ajaran islam 100% ku akang kalaksanakeun, kumaha tah kinten2na nyai rido teu ? mun....
“Plaaak !!” Epot teu neruskeun ngomongna da kaburu tarangna dibabuk kutaleunan.....­. “kanu kitu mah mani sumangat siah ngaregepkeuna­na..!” hoak Ocih bari nulak cangkeng. Danil Maulana


TEKNIK NGALA BELUT

kahatur dulur nu resep ngala belut, aya sababaraha trik jitutitipan Ki Ihan, kanggo urang supados gampil, tur hasil ngalabelut mucekil...

salian ti ngurek, atanapi di setrum (cara lama), aya deui tehnik ngala belut nu hade. diantawisna :

1.NAKOLAN MANGKOK DI SISI GALENGAN SAWAH ATANAPIBALONG.
trik ieu lumayan jitu,kabuktosan­ ku ki Ihan basa nakolan mangkok ku sendok di sisi balong/­sawah, belutna kalaluar marawa mangkok. marukan tukang baso ngaliwat...kantun diwadahan we belut nu nuju antri meser baso na.

2.NGAWURKEUN LEBU, ABU GOSOK, ATANAPI TIPUNG KAGALENGAN SAWAH ATANAPI BALONG.
trik ieu oge sae, mung rada karunya ka belutna, kalaluar menta pang niupkeun mata na nu kapeureungpeuna­n...bari niup mata belut, asupkeun we belutna kana wadah.

3.NGADAMEL STATUS FACEBOOK DI TENGAH SAWAH BALONG.
ieu ge lumayan gampil, mung hasilna teu seueur teuing, margi belut nu sok fesbuk an teu acan sadayana, eta oge pami belut natos berteman sareng urang, nu kaluar masihan koment atanapi jempol...nu matak cing seueur nga-add belut, teras ngadamel status weh nu hade.

4.NGADAMEL PACILINGAN DI SAPANJANG GALENG / SISIBALONG.
maksad na tiap aya nu miceun, pami pameget nu miceunna belut kalaluar da nyangka na aya batur nu nyampeur,kantun­­ newak pan tos kaluar mah.pami istri nu nongkrong na, belut ge langsung kaluar.. belut bikang mah nyangka liang anyar,ngan biasa na mah nu kaluar belut jalu, kalaluar bari tos jegreg/­hareuras.tapi awas, belut jalu nu cunihin mah sok langsung lebet norobos liang, tapi ulah hariwang, cara ngaluarkeunna mah kantun ngaminyak gorengan we sareng bumbu, antosan saja moge kaluar tumis belut...

Di sakola...
Guru: "cobi rina terangkeun hasil tugas penelitian hewan teh..
Rina: "muhun bu.. Hewan yg satu ini, dr bayi bernafas dgn insang karna hidup di air, tp stelah remaja dan dewasa dia bernafas dgn paru2 karna dia hdp di darat.
Guru: "hewan apakah itu?
Rina: "kodok bu..
Guru: "bagus.. coba usro..
Usro: "kalo binatang ini tdk pernah tua bu, stiap kulitnya akan keriput, dgn alamiah dia mengganti kulit tuanya dgn yg baru..
Guru: "hewan apakah itu?
Usro: "oray bu..
Guru: "bagus.. cik ucil..
Ucil: "sato yg satu ieu, blm ketauan sato bertelur atow beranak, sabab uing can manggihan endogna atow orokna.. sabab hese pisan di talitina sabab tempat cicing eta sato sok pipindahan.. kadang di kamar kadang di buruan.. jeung lg, stiap mau neliti eta sato kudu meunang ijin tinu boga tmptna bu.. kamari uing tilu kali nyoba, tilu kali oge uing di tampiling kunu boga tempat eta sato bu! Hikz..
Guru: "?????? hewan apa itu nak??
Ucil; "TONGO bu!
Guru: @#%&??!


-------------------- Cerita Lucu Bahasa Sunda 2013 --------------------------

Kumaha LUCU apa henteu? lamun teu hilap ku mimin di update deui nya wasalam
Catatan : Cerita lucu ini di ambil di
Fanspage : Bobodoran Sunda Heureuy
Hak cipta : Kang Maman Sopyan

cerita bahasa jawa I 28 mei 2013


Cerita lucu Bahasa Jawa

Tri Goro : Lek, jarene MUI rokok iku haram?menurutmu piye kuwi, setuju pora?Nak tak amati kowe ki ketone yo seorang yang rodo religius, mesthine PRO karo MUI
Mas Agung : Yo jelas no setuju, Cah kene kok...!!!
Tri Goro : Lha rak tenan...



Karo ngetokke udude terus di sumet, karo klempas - klempus Mas Agung mangsuli pitakone Tri Goro

Mas Agung : Lha karone gene to, Lek?Ono opo emange?
Tri Goro : ( Karo rodo' gumun Tri Goro takon meneh ) Lho...lha kok saikine malah kedhal kedhul ngono kowe to, Lek?
Mas Agung : Lho piye to, rumangsamu aku ki ngrokok po?
Tri Goro : Wong yo wis jelas ngono kok, kedhal - kedhul ngekep rokok lha kok ngomong ora ngrokok..nalare terus kepriye?
Mas Agung : Jangan salah paham dulu, Lek...Ngene iki, aku ki yo termasuk salah sijine usaha dalam rangka memusnahkan rokok, lha wong jelas rokok iku haram.
Tri Goro : Kok malah tambah gendheng aku yo, Lek sansoyo ra mudheng karep lan maksudmu!
Mas Agung : Saiki ngene...Nak arep ngebong Pabrik Rokok'e yo jelas mokal, sak Indonesia iku akeh cacahe pabrik rokok, yo pora?
Tri Goro : Terus...?
Mas Agung : Iso - iso malah dicekel polisi nak wani ngobong pabrik.Arep ngobong warung sing dodol rokok yo semono ugo, podo wae.
Tri Goro : Iyo masuk akal kuwi,... terusno!
Mas Agung : Yo wis, akhire aku yo mung wani ngobong rokok negene iki mau!
Tri Goro : Lha leh mu ngobong rek karo mbok sedhoti ngono, Lek?
Mas Agung : Njajal pikir, rokok disumet ning nek ora disedhoti, opo yo ono genine, opo yo sido kobong?
Tri Goro : Iyo yo, betul juga...
Mas Agung : Lha iyo to...bener ora?
Tri Goro : Halah, wasis nak kon gawe ukoro...padune yo pengen udud lambemu kecut!
Mas Agung : Hahaha....!!!
Tri Goro : Yo ws kene, tak ewangi ngobong rokok mben ndang ntek...!!!
Mas Agung : Oalaaahh....jebule yo podho PRO ne karo MUI!!!
Tri Goro : Hahahaha...!!!

Humor Jowo : Dadi Dokter Praktek Ning Ndeso

Dino iku Jono sing nembe dadi dokter oleh tugas seko kepalane, dadi dokter bantuan neng puskesmas ndeso..

Pasien pertamane jenenge Sumiyatun, sing nggendong bayi cilik kuru, kaliren, ketoke kurang gizi..

Suharso : ” lare niki biasane mimike susu formula nopo ASI, mbak ? “

Sumiyatun : ” ASI pak dokter.. “

Suharso : ” kok ketoke lare niki kurang gizi … Cobi kulo tingali ASI-nipun, mbak..”

Sumiyatun manut trus mbukak klambine sithik..

Suharso : ” nuwun sewu mbak,,. kulo cepeng nggeh ? Kaliyan ngecek wonten gangguan mboten.. “

Sumiyatun bingung tapi yo manut..

Suharso : ” sae sae mawon kok mbak.. Cobi kulo sedote nggih..medal mboten ASI-nipun.. “

Sumiyatun soyo bingung tapi yo… manut..

Sumiyatun : ” sampun dereng dok? “

Karo klamut klamut Suharso nyauri, ” kok mboten medal ASI-nipun mbak? “

Sumiyatun : ” nggih jelas mboten medal dok,.wong kulo niki budhe-ne.

Cerita Lucu Bahasa Jawa : Numpak Sepur Soko Sragen Menyang Madiun


Sak suwene ndweni pengalaman numpak sepur, Mas Agung dadi nduweni ide kanggo gawe ukoro bethek'an marang kancane, salah sijine yoiku Tri Goro, dhasare pawongane senengane yen dijak omong bab persepuran.



Mas Agung : Lek, kowe numpak sepur wis ping piro?
Tri Goro : Mboh, wis ra ketung,...karone ono opo to?
Mas Agung : Berarti nduweni pengalaman akeh sak jroning numpak sepur?
Tri Goro : Yo mesthine...
Mas Agung : Iki ono bethek'an bab persepuran, piye wani?
Tri Goro : Nak ono katane Bethek'an, mertandhakno jawabane ora sing sak mesthine?
Mas Agung : Ya iya lah...
Tri Goro : Okey....!!!
Mas Agung : Nak kowe ngepasi numpak sepur, tau ngonangi opo ora, stasiun sing jenenge ora wutuh?
Tri Goro : Stasiun kok jenegane ora wutuh, tugel maksudmu?mokal ono...
Mas Agung : E...jenengane ae bethek'an, Lek?
Tri Goro : Wah...ketone aku durung tau tumon.
Mas Agung : Hare wis ra ketung anggonmu numpak sepur?
Tri Goro : Iyo ncene...
Mas Agung : Lha iyo rek...
Tri Goro : Tapi nak stasiun koyok ngono kuwi mau durung tau ngliwati
Mas Agung : Pikiren dhisik, wis tau rung?
Tri Goro : Ah mboh rung tau, ra ngerti...
Mas Agung : Yo wis, sesok kowe melu aku ...
Tri Goro : Ning ndi?
Mas Agung : Sragen
Tri Goro : Lah pow ma?
Mas Agung : Numpak sepur to yo..
Tri Goro : Terus?
Mas Agung : Soko Sragen lagi menyang numpak sepur arah jurusan Madiun
Tri Goro : Madiun....meh dolan gone sopo to?
Mas Agung : E.. bocah iki durung mudheng - mudheng tibak'e
Tri Goro : ?
Mas Agung : Nek soko Sragen menyang Madiun rak yo ngliwati Stasiun Paron to, Lek. iyo ra?Yo kuwi sing diarani stasiun ora wutuh mung separo.
Tri Goro : O...
Mas Agung : a o a o, wis tau durung?
Tri Goro : He he, durung tau...
Mas Agung : Layak, ra iso...wah nk ngene ki dadine yo ora bethek'an meneh no, ora lucu meneh no!!!
Tri Goro : Ha ha ha...
Mas Agung : Yo ws, sesok tetep dolan ning Madiun, kowe mben reti, Lek
Tri Goro : Lha sangune tuku karcis?
Mas Agung : Yo kowe to sing mbayari, salahe ora iso njawab!
Tri Goro : Gah men...
Mas Agung : Ha ha ha...!!!